Sisindiran Piwuruk Paparikan

Namecheap.com

Dari pada ngomé koréng
Mending urang pelesiran
Dari pada ngomong goréng
Mending urang sisindiran

Ulah sok  ka gunung guntur
Komo bari mawa sémah
Ulah sok ngomongkeun batur
Komo bari nyieun fitnah


Mang asep nu jadi hansip
Mun ngaroda mekel ketan
Anu sok resep ngagosip
Éta téh baturna sétan

Tikukur keur dahar jaat
Ngariung luhureun sumur
Buru-buru urang tobat
Meungpeung aya kénéh umur

Saninten buah saninten
Diicalna ka Ciater
Hapunten abdi hapunten
Sanés jalmi anu pinter

Manawi aya pulunganeun mangga candak!

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Sisindiran Piwuruk Paparikan"

Post a Comment