Sisindiran Barudak Ngora

Namecheap.com

Meuli baju dua kodi
Digantungkeun hiji-hiji
Tuh tingal kabogoh abdi
Keur geulis téh pinter ngaji

Jalan-jalan ka sangiang
Marab lauk di situna
Hujan-hujan gé di téang
Hayang panggih jeung manéhna


Bubuy bulan sangray béntang
Panon poé disasaté
Unggal bulan urang tepang
Unggal poé ogé hadé

Melak kangkung di Talaga
Dialaan nu kolotna
Teu ayeuna sugan jaga
Pinanggih sareng jodona

Daun pulus dihiriban
Kihiyang dijieun papan
Lamun lapang dada rarabian
Hayang pisan kanu mapan



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Sisindiran Barudak Ngora"

Post a Comment