Si Kabayan Ngala Nangka

Namecheap.com

Halo Pelanggan Rajasoal.com-Si Kabayan Ngala Nangka
Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. 
“Kabayan... Kabayan...!” mitohana ngageroan di rohangan tengah
“Aya naon ma?” meuni tarik-tarik teuing ngageroan téh
“Ema hayang nangka cing pangalakeun ka kebon!”
“Nu ndeso ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. 
Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus ndeso hiji tur gedé pisan. Térékél waé manéhna naék, tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.
“Wah, moal kaduga yeuh mawana,“ ceuk pikir Si Kabayan. Tuluy waé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus ndeso ieuh!” ceuk Si Kabayan nyarita ka nangka.
Barang nepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.
“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”
“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.
“Mana atuh ayeuna nangkana?” tanya Mitohana.
“Har, naha can tiba kitu? kapan tadi nangka téh dipalidkeun dititah balik ti heula sorangan, ceuk Si Kabayan.
“Na...ari manéh Kabayan...., na meuni bodo-bodo teuing. Maenya nangka dapat balik sorangan!” Mitohana keuheuleun pisan.
“Wah nu bodo mah nangkana waé, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos.

Sumber : bujanggamanik.wordpress.com

Subscribe to receive free email updates:

Related Posts :

  • Si Kabayan Marak Lauk Rebun-rebun si kabayan jeung mitohana geus nagog di sisi walungan. Teu kungsi lila burudul batur salemburna, maksud maranéhna téh rék mar… Read More...
  • Dongeng Legenda Situ Sanghiang Dongeng legenda Situ Sanghiang ini menceritakan asal mula adanya Situ Sanghiang. Sekarang Situ Sanghiang berada di  Desa Sanghiang/S… Read More...
  • Domba Ajaib Baheula, di hiji kampung aya saurang budak lalaki. Égon ngaran éta budak téh. Hanjakal éta budak téh kacida malesna sarta sok ngalawan … Read More...
  • Sasakala Majalengka Taun 2017 téh umur kota Majalengka nincak ka 527. Ditilik tina umurna dapat dicindekkeun yén Majalengka téh lahir dina taun 1490 Maséhi.&n… Read More...
  • Gagak Hayang Kapuji Aya gagak maling dengdeng ti pamoean. Geleber hiber bari ngaheumheum dengdeng tea kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita kata… Read More...

0 Response to "Si Kabayan Ngala Nangka"

Post a Comment