Dongeng Sunda, Balap Melak Cau

Namecheap.com
Halo Pelanggan Rajasoal.com- Dongéng Sunda, Balap Melak Cau
 
Hiji Poé, Sakadang Kuya keur moyan di sisi wahangan.
 
Sabot kitu, torojol sobatna, Sakadang Monyét nyampeurkeun bari ngomong.
 
“Éh, Sakadang Kuya, urang balap melak cau yu!, urang bareng melak binihna, nu pangheulana buahan éta nu meunang.”
 
Sakadang Kuya ngawalon, “Na aya kitu binihna?”
 
“Aya, nu kuringmah binihna gé jantung cau, ngarah babari jadi buahna.” Ceuk Sakadang Monyét.
 
Ngadénée Sakadang Monyét nyarita kitu, Sakadang Kuya mikir, tapi teu loba nyarita.
 
Sanggeus asak badami, bral duanana muru ka kebon. Sakadang Monyét tuluy melakkeun jantung cau. 
Ari anu dipelak ku sakadang kuya mah tangkal cau anakna.
 
Sanggeus sababaraha waktu lilana, Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét arindit ka kebon rék néang pepelakanana.
 
Kasampak tangkal cau anu dipelak ku Sakadang Kuya geus gedé, malah geus aya jantungna, tangtu sakeudeung deui dapat kaala buahna.
 
Ari jantung cau nu dipelak ku Sakadang Monyét mah boro-boro jadi tangkal.
 
Waktu Sakadang Monyét ngoréhan taneuh lebah pepelakan manéhna, kasampak jantung cau téh geus buruk.

Subscribe to receive free email updates:

Related Posts :

  • Ajag Nangtang Jelema Usum katiga kawilang panjang, atuh panon poé ogé karasa panas morérét.Jujukutan taya nu jadi, paréang nungtut paraéh. Di hiji rungkun p… Read More...
  • Si Kabayan Ngala Tutut Cek Ninina, "Kabayan ulah hees beurang teuing. Eweuh pisan gawe sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk." Cek s… Read More...
  • Dalem Boncel Dalem Boncél téh Bupati Caringin, Banten. Kacaturkeun, harita anjeunna nuju moyan di taman kadaleman. Teu lila jol aya pangiringna, lap… Read More...
  • Si Kabayan Dicukur Si Kabayan teh kandulan pisan. Ari kandulan teh jahe alias andal hees (beuki sare). Teu kaop nyangkere atawa nyarande sok ker wae kerek… Read More...
  • Dongeng Legenda Situ Sanghiang Dongeng legenda Situ Sanghiang ini menceritakan asal mula adanya Situ Sanghiang. Sekarang Situ Sanghiang berada di  Desa Sanghiang/S… Read More...

0 Response to "Dongeng Sunda, Balap Melak Cau"

Post a Comment